16 October 2013

Plants vs Zombies Kaulinan Budak Kumisan

Plants Vs Zombies

Wilujeng wayah kieu. Diantawis réréncangan tangtos aya nu resep kaulinan. Manawi aya nu tos uninga kaulinan Plants vs Zombies (PVZ)? Tah, ieu kaulinan jieunan PopCap Games téh hadé pisan, matak deudeuieun keur budak kumisan mah. Dina kaulinan ieu, pamaén kudu pinter nyieun stratéhi jeung kudu mikir supaya zombie teu bisa asup ka jero imah. Kunaon sababna éta zombie hayang asup ka jero imah? Ah, duka teuing meureun ceuk nu nyieun kaulinan ieu téh geus diparéntah kudu asup ka jero imah. Tugas urang kudu ngajaga markas, nya éta imah téa. Lamun teu dijaga, wayahna waé kudu éléh. Kudu kumaha carana sangkan musuh zombie teu bisa asup ka imah? Nya ku pepelakan. Naha kudu maké pepelakan lain diberé menyan? Ah, teuing teu kudu loba naya, da ceuk ti pabrikna kudu kitu.

Dina carita kaulinan ieu téh sangkan zombies teu bisa asup ka imah kudu melak mangrupa tatangkalan saumpama tangkal kembang panon poé, pungsina keur nambahan tanaga keur meuli pepelakan séjén, tangkal cherry atawa kérsen mun ceuk dilembur mah, kaleuwihana bisa némbak éta zombies nepika éléh, jeung tangkal séjéna deui. Tah lamun kabéh pepelakan geus kabeuli, pamaén kari ngatur pungsi jeung tugas pepelakan sangkan musuh (zombie) teu bisa asup ka jero imah, ledis kabéh, béak tong disésakeun bisi pamali. Dina kaulinan ieu aya sababaraha tingkatan, gampil nepi kahéséna. Pék geura cobaan. Tah sakitu meureun saeutikna carita kaulinan Plants vs Zombies téh. Bisi aya kénéh nu masih panasaran, kari dijugjug ka pabrikna didieu, ngan hampura sim kuring teu apal alamat nomer jeung RT-RW na.

Nya mun kudu ditapsirkeun mah ieu kaulinan Plants vs Zombies teh meureun kudu loba pepelakan di buruan imah, kudu bisa miara sarta ngajagana tina hama jeung panyakit sangkan kaala hasilna jeung bisa dijual ka pasar induk caringin.

10 comments:

  1. thank you very much
    [URL="http://www.kizi10games.net"]kizi[/URL]
    [URL="http://www.yepi10games.org"]yepi[/URL]
    [URL="http://www.friv200jogos.org"]friv[/URL]

    ReplyDelete
  2. I play this game many times

    ReplyDelete
  3. I think the most popular games today:
    friv , Flappy Bird, Kizi,

    ReplyDelete

  4. A great game and fun I enjoyed this game thank you for sharing.

    ReplyDelete
  5. I'm a new blogger. I appreciate the information on blog
    comments and will definitely start looking out for those who use automated programs to make the blog post comment.
    Friv | Yepi

    ReplyDelete
  6. This is such a nice post about games. I very much like to play different kind of games online. You can play games at my blog friv 2 | friv 1 | friv 2014 | Kizi games

    ReplyDelete